Archive for March, 2009
Dina Rangka Pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di
ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan
konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun
Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu.
(bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: Jang Naon Bro ?
Ibro : Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya,
ku urang dijawab “Papa baru pulang sekolah di ITB”
(kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun : Lamun anak maneh nanya “pah ITB teh apa ?”
Ibro : Institut Teknologi Bandung.
Adun : Lamun anak manek nanya “Kalo Institut Apa ?”
Ibro: Institut……nya institut….!. Ari ceuk
maneh naon..? (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun : Piraku poho? pan aya laguna..
Ibro: Kumahaaaa …..?( panasaran)
Adun : Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu
ngambeu.
Ibro : Gelo sia mah, kakolot teh. (bari indit)
Adun : Bae ahh..
Cara Nyait tina Balai Sorangan
Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen.
Kusabab rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana sawah.
Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi kana lebah cangkeng manehna.
Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan, jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan.
Gogorowokan ka ditu ka dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film buruan… mah).
Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah. Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana hiji papagon (”resep”) nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus) tilelep dina taneuh belok.
Prak bae dicobaan, kieu carana teh: “Motor didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy bae gegerenyeman ngadu’a jeung nguatkeun tekad.
Teu katinggaleun koncina eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk ditarik ka beulah luhur”.
Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak manehna katut motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak.
Teu percanten nya, baraya? namina oge rahul. Kade ulah dicobian “resep”-na.
Toke
Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.
Toke : Tokeeeeeee !
Aslam : Nyandung !
Toke : Tokeeeeee! (kawas nu nembalan )
Aslam : Ulah !
Toke : Tokeeeeee!
Aslam : Nyandung ! ( bari seuri )
Toke : Tokeeeeee!
Aslam : Ulah ! ( semu baeud )
Sajongjongan toke teh teu disada deui, Aslam kekerot, kahayangna mah toke teh disada deui
sakali,cukup sakali wae. Tapi ditungguan mangjam jam
weleh teu disada. Beledag panto imah ditajong. Teu dinyana dibalik panto asa sora. ” Tokeeeeeee!”
Aslam atoh langsung nembalan ” Nyan…nyan…!”
Can acan parat ngomong, nu dibalik panto norojol pok ngomong ” Nyandung jeung saha siah !” ceuk pamajikanana bari ngajiwir ceuli Aslam. (SR)
Hipu
Jang Ibro mimiti masantren. manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. atuh rada bingung. nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.
“Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?”
“Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak…”jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.
“Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?”
“Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap…”





