Archive for February, 2009

Salah Ngerjakeun Tugas

Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.

Juragan Istri :”Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !”.

Juragan Oded : “Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu
gagebay)

Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”

Juragan Oded : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh :”Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu !”

Bandar Tarasi

Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana.Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
“Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???” ceuk si Aki.

Si wanoja nembalan : “Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten”.

Politisi Jujur

Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk. Dina sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu kareret ku saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga nu ambek terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu digugu lantaran dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di halte anu jauh tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah ngagorowok.

Politisi : ” Nanaonan ieu teh ?” ( semu ngagidir)

Jumad : ” Matak kieu ge supados masarakat terang, sareng dina waktosna nyolok teu lepat milih !”

Politisi : ” Tapi kudu kumplit atuh nyatetna !” ( rada leuleuy )

Jumad : ” Maksad bapa ?”

Politisi : ” Kieu kieu ge pan dewek teh politisi oge euy !”

Jumad : ” Muhun pan nu dicatet didieu teh politisi busuk wungkul !”

Politisi : ” Ih ari maneh asa belegug belegug teuing…dewek can kacatet didinya!”

Ngagambar Jurig

Dihiji tempat angker tim “gerayangan” keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : ” Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?”

Mbah Rewok : ” Kuntilanak !”

Tim : ” Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?”

Mbah Rewok : ” Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !”

Tim : ” Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?”

Mbah Rewok : ” Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah.

Tim : ?!@#

Ngagere Ceuli

Yoyo, Kurdi jeung Adun keur uplek ngobrol, nyaritakeun pelemna lamun ngagere ceuli ku bulu hayam.
Yoyo : Kupelem pelemna ngagere ceuli aya Dian Sastro ngaliwat ge dewek mah cuek we euy !
Kurdi : Sarua dewek ge, padahal malem kemis peuting kamari dewek keur sosonoan jeung jikun dewek, keur hot hotna karampa aya bulu hayam terus dirorekeun kana ceuli dewek, bakating ku pelem teu karasa ngagere ceuli nepi kasubuh.

Yoyo : Teu uyahan, ari pamajikan maneh diantep nya ?

Kurdi : Puguh lantaran eta, malem jumaah kamari sarena teh nonggongan dewek, ari ret disabeulaheunana aya bulu hayam sabebed.

Yoyo : Ari maneh kumaha pangalaman teh Dun ?

Adun : Komo dewek mah ku pelem pelemna ngagere ceuli, dua poe dua peuting anteng we ngagere ceuli, teu karasa bulu hayam asup tina ceuli kenca parat ka ceuli katuhu.

Disangka Bom

Ai tomboy, kitu katelahna, hiji wanoja anu sapopoena sok make pakean lalaki sarta mun incah incahan sok naek motor. Hiji mangsa si Ai geus saged dina motorna, make jaket kulit tur make helem anu biasa dipake ku lalaki, saliwatan mah bleg we lalaki. Biur incah teuing kamana. Teu kungsi lila sulusup ka hiji gedong anu dihareupna dijagaan ku saurang panjaga anu dilengkepan ku pentungan jeung metal detektor. Geus umum, saprak loba bom anu ngabeledug ditempat umum, tiap tiap gedong jeung perkantoran sok dijaga super ketat tur dipariksa taliti pisan. Kitu deui si Ai, harita keur dipariksa ku patugas make metal detektor, imet tiluhur nepi kahandap persis kawas dokter keur mariksa pasena. Waktu metal detektorna nempel dina harigu si Ai, pok si patugas teh ngomong.

” Ieu mawa naon genyal dua siki, boa boa bahan bom ?” ceuk patugas teugeug, panyanana nu keur dipariksa teh lalaki. Dikitukeun ku patugas, nyel si Ai ambek, terus mukakeun kaca helem pok ngomong semu nyentak.

” Bahan bom tai pedut, yeuh teu percaya mah !”

” Tos..tos cekap..cekap, teu kedah dikaluarkeun tos terang..tos terang !” Patugas reuwas,karek sidik sihoreng nu keur disanghareupanana teh awewe. (SR)

Diudag Pulisi

Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngareret kana spion ari breh teh ditukangeun aya saurang pulisi keur ngudag manehna. Najan haben dikalaksonan, Odoy jongjong ngagas motorna, teu malire da ceuk pamikirna teu rumasa ngalanggar. Dasar motor nu ditumpakan Odoy kaluaran taun heubeul, diuber ku motor king taun panganyarna, atuh ngan sasiet oge kaberik. Kapaksa Odoy eureun, dina hatena gogolono, pasti cenah urusan jeung pulisi mah ujung ujungna duit. Mangkaning dina dompetna ngan ukur dua puluh dua puluhna, eta ge meunang nyanyapa tina handapeun kasur basa samemeh indit.

” Aya naon pa, make nguber ka abdi ?” tanya Odoy bari mukakeun helem.

” Ari ujang teh tatangga bapa anu dilembur tea sanes ?” ceuk pulisi negeskeun

” Sanes, abdi mah teu gaduh tatanggi anu janten pulisi Pa !”

” Punten atuh ari sanes mah, eta we apal ka helemna, geuning sami jeung tatangga bapa, tadina mah bade wiat saur ka indung budak dilembur, yen bapa moal kalembur salami tilu dinten, aya dines !”

” Oh kitu nya !” ceuk Odoy nahan piseurieun.

Keur guntreng kitu kalalaran aya motor ngaliwat nu numpakna make helem persis pisan jeung nu dipake ku Odoy.

” Boa boa itu tatangga bapa mah, punten nya jang tos ngarerepot !” ceuk eta pulisi ngabius ngudag motor nu karek ngaliwat, bari haben kalaksona ditabeuh sapapanjang jalan.

” Salamet..salamet ! Odoy nyenghel bari ngusapan dompetna. (SR)

Kulit Beuteung

Hiji mangsa Adun bebeja kabaladna anu katelah Sobri, mun tas maca buku 4S ( Sura Seuri Siga Sero) sok nyeri kulit beuteung.

” Sob..yeuh baca buku ieu pasti matak nyeri kulit beuteung, kamari ge si Uca tas maca buku ieu langsung peperengkelan bari nyekelan beuteungna !” ceuk Adun bari ngasongkeun buku 4S.

” Mana ?” Sobri nampanan eta buku, terus deluk dibaca mani anteng pisan. Rengse maca pok Sobri ngomong. ” Ah teu matak nyeri kulit beuteung euy!” paromana biasa wae. ” Nya meureun basa si Uca maca mah, beuteungna ku dewek langsung dikieu !” ceuk Adun bari ngajawel beuteung Sobri terus dipurilkeun. ” Adeuwww ! sora Sobri nyeuleuweung. (SR)

Dongeng Jurig

POÉ geus reup-reupan. Reketek Mang Linta mageuhan beulitan sarung dina cangkéngna. Awakna ngan dibungkus kaos oblong doang. Ka handapna calana komprang. Manéhna geus siap-siap rék muru ranggon pangancoanana di tengah kali. Sanggeus sagalana bérés mah léos mangkat bari ngajingjing korang.

Cai laut anu mimiti pasang mimiti ngarayap ka girang. Di beulah kulon layung kari sadalis. Geuleuyeung, Mang Linta nyorongkeun sampanna ka tengah kali, diwelah lalaunan. Teu lila ge nepi ka handapeun ranggon.

Read the rest of this entry »

Lalakon Tongo

HIJI mangsa Tongo inget ka dulur misanna: Tumbila, anu geus mangalam-alam teu kungsi katepungan. Lantaran teu kuat nandangan kasono anu pohara, antukna Tongo maksakeun nulis surat. Bubuhan Tongo jeung Tumbila kungsi nyobat dalit. Sobat sapanyocoan. Ngan tuluy Tongo ngolesed ngajauhan. Teu pira alesanana mah teu kuat ku bau Tumbila nu tujuh rupa. Kungsi Tongo ngasonan usul, sangkan Tumbila uubar. Ngarah awak teu bau teuing. Disarankeun meuli deodoran atawa jamu. Eh, da teu digugu ku Tumbila teh. Basana teh, “Awak bau mah alus deuleu, keur ciri has. Mun Siti Nurhaliza kasohor ku halimpu sorana, sugan uing mah kasohor teh lantaran bau awak!” Teu majar kumaha Tongo teh. Tongo antukna milih ngolesed. Ngan lain pedah cua ka Tumbila. Da dina hate leutikna mah sok nineung ka sobatna. Buruk-buruk papan jati, sanajan bau, Tumbila teh apan …. angger we bau. Anu matak hiji mangsa mah Tongo teh maksakeun nulis surat. Demi eta surat Tongo, kieu unina: Ila, kumaha cageur? Inget ka Ongo? Piraku rek poho mah. Sobat Ila geuning waktu urang diajar cuca-coco. Nu rada kasep tea ning, sed saeutik ti Marcelino. Atawa mun dipapandekeun ka artis Haliwud mah, Ongo teh meureun Tom Cruis nya. Ila apal kumaha hirup Ongo ayeuna? Ongo teh ayeuna mah nunggul pinang. Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka Cianjur-Cianjur acan. Kungsi kapikir ku Ongo rek boga pamajikan, ngarah aya batur pakukumaha. Tapi ana dipikir-pikir deui keueung Ongo teh, bisi ku pamajikan sorangan disapirakeun. Sok komo apan jaman ayeuna mah loba kabejakeunana, loba mojang Tongo teu eucreug. Matre, ja’im. Ana geus kawin beuki kana salingkuh. Anu matak keueung Ongo teh. Tapi mun haben dipikiran deui ku Ongo, bet beda deui pikiran teh. Mun hayoh hirup sosoranganan, asa kurang hade. Kitu apan saur Bang Oma dina lagu Bujangan oge. Nilik kana umur mah Ongo teh geus manjing boga pamajikan. Atuh dina etaeun, geus bala ayeuna mah. Kitu apan ceuk Si Utu oge. Ciri-cirina urang geus baleg teh, bala lebah etaeunana cenah. Lantaran kitu, Ongo teh antukna mah ngawani-wani maneh nyiar kabogoh. Loba pangalam Ongo waktu neangan kabogoh teh. Hiji mangsa tepung jeung Tongo bikang di Terminal Ledeng. Edasss Ila, ku geulisna. Pangawakan leutik buleud. Mun keur leumpang udad-adeud. Mun jelema mah geboy meri tea ning. Tapi barang ditanya ngaran ku Ongo, jawabna teh, “Yepangheun, nyamhi amhi Nyosheu, Hongho nyuyunan Yemhang.” Cenah bari pepeta ku leungeunna. Ah Ila, bororaah katarik ati kapentang duriat uing teh. Nu aya mah hayang nyakolakeun manehna ka SLB. Watir! Hiji mangsa deui, tepung jeung Tongo bikang nu keur huleng jentul dina ceuli Ucing. Can ditanya can naon, ana gerewek teh manehna miheulaan ngagerewek bari siga rek ngerekeb uing, “Tah geuning Kang Gunawan sumping. Emh sonooooo abdi teh. Ngantos Engkang siang wengi, bet ngampleng bae. Mun Engkang maen sinetron abdi teu weleh anjeucleu payuneun tipi. Malah tipi-na ku abdi sok dilamotan, bakat sono ka Engkang. Kang Gun…..” Teu antaparah deui Ila, uing teh becir bae lumpat. Sirikna notog-notogkeun maneh. Eta Tongo gelo teh hayoh bae ngudag. Eureun-eureun sanggeus ku uing dibaledog nepi ka pejet. Karunya karunyana mah, tapi kumaha atuh. Antukna mah Ongo teu burung boga kabogoh anu Ongo resep. Ngaranna Tongiti. Hayang apal nya kumaha Ongo tepung jeung Tongiti? Kieu geura lalakonna mah. Keur nyayang dina kelek RT Ocid harita teh, bari sudat-sedot. Dina bulu kelek anu sejen, katembong aya Tongo sejen keur kakarayapan. Teu kaciri saha-sahana mah, da poek. Kelek RT Ocid tea, leuweung we sugan mah. Lantaran panasaran tuluy ku Ongo dideukeutan. Tetela Ila, eta tongo teh tongo awewe. Geulis pisan ceuk Ongo mah. Tapi barang gok, ari jerit teh manehna ngajerit maratan kelek. Uing ge nepi ka luncat bakat ku reuwas.

Read the rest of this entry »

Salah Dokter

Hiji pameget sumping ka rumah sakit, hoyong ngalandongan soanten garwana nu peura malah dugi ka teu aya pisan. tapi salah lebet, kedahna ka dokter THT ieu kalah ka psikiater.
“kumaha dok? si eneng teh, peura, dugi ka teu aya pisan sorana. sadaya obat tos diangge…”
“Kieu ieu teh, den. saleresna mah sumpingna teh kedah ka dokter THT, ari ieu ka sim kuring, psikiater. tah, urang landongan ku resep psikiater atuh…”

“mangga, dok. kumaha carana?” “urang terapi we nya, garwa teh. engke wengi, uih ka bumi jam tilu, bari nyandak hiji istri nu herang mencrang…geura garwa teh tiasa deui aya soraan….” (MJ)

Alesan

Cep Jon Towor katelah rada jarang mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan. “Cik atuh Jon, sing rajin mandi… ” “lah, mandi-mandi teuing, teu boga kabogoh ieuh… ”  lanceukna ngahuleng… Sababaraha bulan ti harita, Jon Towor kabejakeun boga kabogoh. Tapi anggeur, jarang mandi keneh bae. “Jon, sing rajin mandi… ” “Mandi-mandi teuing, kabogoh geus boga… “Lanceukna rada sebel…  ”Na ari maneh… ?” “Kieu, teh, tuh tingali ucing, tara katingali mandi… lumpatna tarik… ” Lanceukna unggek. “Ayeuna… tingali lauk… sakitu unggal detik mandi, anggeur we hanyir… “si Teteh lanceuk Jon Towor beuki lieur ngabandungan adina nu baong…hehe (MJ)

Ngado’a

Di hiji kampus cap gagak, rengse diayakeun rapat antar dosen unggal jurusan. panitia bingung milih saha nu rek nutup acara ku maca du’a. Akhirna salah saurang panitia kahareup, rek mingpin acara ngadu’a.

“Para wargi, alhamdulillah, acara rapat dosen antar jurusan parantos lekasan. Ayeuna hayu urang ngadu’a ka Gusti Alloh, menurut…jurusan masing-masing…” pokna bari yakin pisan. nu aya dirohangan ngabarakatak bari bingung, kumaha ngadu’a nurutkeun jurusan masing2 teh? hehehe (MJ)

CO.CC:Free Domain