Archive for January, 2009
Basa Lemesna
Ua Sas: Cik, ari lemesna leungeun naon?
kang Hendri : pananganan
Ua Sas: lemesna suku?
kang Hendri: sampeyan..
Ua Sas: tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: tipung…!!!! hahaha…. (MJ)
Sababna Nagara Lila Maju
Teu Meunang
Di BSM aya bioskop. nu narongton teh ka eta bioskop teu meunang make sendal, sapatu, malah baju oge teu kaci, kitu deui calana. Basa ditanya ka satpam nu ngajega di deukeut loket, manehna nyarita: “sumuhun, kulan, nongton di dieu mah teu kenging ngangge nukararitu, kenging soteh ngangge karcis…”(MJ).
Sababna Nagara Lila Maju
Ibro jeung Uhe balik nongton film kungfu. “Paingan atuh Cina teh kaasup nagara nu tinggaleun di banding Amrik.”Nya, da nagara komunis mah, pasti kitu…lila rek maju teh.” “Ah, lain ku nu kararitu wungkul. Tadi katenjo, apan urang Cina mah,mun parasea teh, nepi ka jam-jaman gelut, make jurus kungfu shaolin.. beda jeung urang Amrik. mun parasea, ukur memenitan, da paheula-paheula nembakeun pestol. Urusan jadi tereh beres…” “Bedul teh…” (MJ).
Ulang Taun
“Neng Dea, wilujeng ulang taun…” ceuk bapana Dea bari ngesun jeungmasihan kado. “Dea ayeuna sabara taun?” Tanya bapana. “13 taun pa…” walon budak bari imut. bapana kaget, da rarasaan budakna teh kakara umur 7 taun. “nahe gening tos 13 taun deui?” “apan taun kamari, abdi 6 taun, ayeuna 7 taun, janten 13 taun bapa!” ceuk budak calakan (MJ).
Serba serbi tujuhbelasan
“Teu karasa geuning nagara urang teh geus 58 taun merdeka, mun ningali dina umurna mah geus meujeuhna metik hasilna tina kamerdekaan eta. Tapi anu ngabukti ayeuna, tetep we kueh kamerdekaan teh di carapluk ku nu jaregud, ra’ yat leutik mah angger we jumerit !” mang Suharma murukusunu.
” Heueuh euy..komo mun ningali nasib urang salaku patani,keur mah sawahna meledug kagaringan,harga gemuk jeung obat ngawang ngawang, hasilna mun dijual celeketek teh teu sabaraha, boro boro bisa nyakolakeun anak urang ka perguruaan tinggi anu ngaliwatan jalur husus, jeung modal nyawah deui ge can tangtu !” sambung mang Sarkim bari ngalintingkeun daun kawung keur ududeun.
Enya ra’ yat leutik mah ngan ukur bisa murukusunu, teu bisa walakaya ningali kaayaan kitu teh, tapi najan kitu ge teu weleh ari ngareuah reuah agustusan mah sarumanget keneh, unggal desa paeuyeub euyeub aleutan, paloba loba gotongan jampanna, paalus alus kreasi senina, papinunjul pinunjul dina prestasi olah ragana, ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut mapay mapay jalan desa,tepung ngalingkung kaalun-alun.
” Nya ku saha deui atuh mun teu dimeriahkeun ku arurang mah!” ceuk mang Karna anu kabagean nanggung jampan anu ngajeblag aya tulisan ” Perhatikan nasib petani!”
” Heueuh da pamohalan pajabat mah daekeun nananggung jampan anu sakieu beuratna, mana moreret panas deuih !” tempas mang Ono bari ngelapan kesangna anu nyuruluk murag kana tulisan jampanna anu unina ” Iraha jalan kalembur uing diaspal ?”
Sorena di unggal pilemburan sok diayakeun rupa rupa perlombaan kayaning, maen rebutan, balap karung,goyang Inul jrrd. Kitu deui di lemburna si nini gujrud yen sinini unggul dina lomba balap karungna.
” Edun euy sinini, teu nyangka bisa nyerepet kitu leumpang dina karung !” ceuk siaki muji sinini,atuh puguh we liang irung sinini ngadadak rebeh.
” Puguh ieu teh gara gara karungna aya beuritan, pas ngelengkah santok deui santok deui bujur nini digegel, karuhan lumpat nini beuki tarik !” jawab sinini
” Oh kutan kitu !” ceuk siaki bari ngaheheh
” Tah ari tadi aki pasangan jeung saha waktu lomba goyang Inul ?” tanya sinini
” Har nya teu sidik kitu….apan aki teh pasangan jeung si Odah anu karek dua bulan pepegatan !”
” Hmhh..raos nya pageye geye jeung randa ngora ?” ceuk sinini bari jejebris
” Tong cembekur kitu atuh ni..puguh tadi teh aya kasalahan teknis sugan teh balon anu dipake ganjel dada aki jeung dada si Odah teh can bitu, ku aki teh terus we di goyang ari pek teh geuning nu genyal teh gunung na angen angena si Odah !”
” Bedull…paingan atuh laguna geus eureun ge hayoh wae ngariyed !” sinini jebi.
” Geus ah tong kapapanjangan…eh ari tadi kunaon nini ngadadak ngajerit bari meumpeun carang ?”
” Hiihh…mun inget kanu tadi sok ginggiapeun keneh !” sinini bibirigidigan
” Nya ningali naon atuh ?” siaki panasaran
” Eta waktu si Juha ngilu maen rebutan, tihandap kolorna aya nu ngarawel, atuh puguh we jeroan si Juha ngaburahol hihhh !” ceuk sinini bari bibirigidigan keneh.
” Geuning make meumpeun carang sagala ?”
” Hayang sidik we..naha gedean mana jeung cocoan sinini ?” (SR).
Titungtung Lembur Keneh
Titungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar datang, biasana nu sok di abring abring ku barudak teh mun aya tukang topeng monyet datang,sihoreng nu datang teh geuning rombongan “tok tok wow” anu di kokojoan ku selebritis Kusnet nu katelah kang Taopik H. Savalas. Beja pabeja, beja yen kalembur eta aya grup tok tok wow datang oge nepi ka ceulina mang Sahim anu kaparengan keur dirorek ku bulu hayam. Najan keur peureum beunta ngararasakeun pelemna dirorek bulu hayam, ari ngadenge grup tok tok wow datang mah mani ngorejat terus ngagorowok kapamajikanana. “Surtiii….gancang cokot cangkang sabun merek sikoboy,tuh aya patugas tok tok wow kadieu..!” mang Sahim hariweusweus. “Keheula atuh…ieu keur ngancingkeun kutang meni hararese kieu !” ceuk bi Surti bari terus ngojengkang kakamar mandi. “Apana lumayan euy…aya sapuluh siki,mangkaning dina tivi ge lamun leuwih ti lima sok dibere saratus rebu !”. ” Atuh mun kitu bisa ngebul..euy” Keur guntreng kitu diluar aya nu uluk salam, sihoreng patugas tok tok wow datang. ” Sampurasuuuuunnn!” ” Rampesss !” tembal mang Sahim “Punten abdi saparakanca ti tim tok tok wow tea mang !” ceuk patugas bari ngasongkeun mik ka mang Sahim, nu saurang deui nyorotkeun kamera. Bi Surti uman imen gumeulis dihareupeun kamera, can acan dititah, bro cangkang sabun sikoboy digebrokeun ka patugas. ” Ke..ke…ke…punten bi…ayeuna mah nu ditaroskeun teh sanes cangkang sabun!” “Nya naon atuh ?” bi Surti jebi rada hanjelu. ” Kumargi ayeuna bade tujuh belasan,simkuring saparakanca bade ngayakeun program PSK (Paraputra Simpay Katresna) tah kukituna upami bibi gaduh putra dua kenging hadiah lima puluh rebu,gaduh tilu kenging saratus rebu, upami langkung titilu sajalmina dietang dua puluh rebuan…ari ayeuna si bibi gaduh sabaraha urang putra teh ?” Ngadenge kitu bi Surti nyenghel bari ret ka barudak anu ngagulung. “Upami percanten mah murangkalih anu tadi ngabring-ngabring bapa-bapa teh taya sanes pun anak !” “Baruuukk…paingan atuh mani sarimbag jeung mandahna !” ceuk petugas tok tok wow bari ngareret ka mang Sahim, nu direret serengeh bari terus ngagorowok. “Daaaak..gancang baris nek diitung yeuh !”. Teu kungsi lila kurunyung aya aki-aki dipapayang ku opat urang awewe bahenol terus nyampeurkeun kapatugas…pok petugas nanya. “Ki…ieu teh tuang putra sanes…meni gareulis kitu ?” “Hiss..tong gagabah..ieu teh gacoan aki…tah nu pang mencrangna karek lima bulan ngadahup jeung aki !” “Punten ki…sakali deui punten..nu bade dipasihan hadiah teh anu seueur putrana, sanes nu seueur garwana !” patugas tok tok wow mamandapan. “Tuh pan saur abdi ge geuning titatadi, sanes polygami award..polygami award teu percanten…dasar mantangul !” ceuk eta opat awewe mani bareng bari ngagebutkeun siaki.(SR)
Mahugi
Si nini olohok mata simeuteun basa ningali siaki ngadadak jadi gagah tur gandang, make calana jin belel lebah tuurna ngahaja cena ewol ewolan, kaluhurna make kaos oblong anu aya tulisan “urang sunda ulah heuay wae EUY!” hadiah agustusan ti cep Kendi anu gaduh kios di jalan Suci. Sirahna dibengker ku slayer warna bodas polet beureum, make kacamata cengdem meunang meuli ti padagang asongan anu mangkal di terminal Cicaheum. ” Anjiir aki meni edun kitu, nek kamana ki ?” tanya sinini. ” Puguh aki teh nek lalajo arak arakan tujuh belasan ka alun alun !” tembal siaki bari singkil. ” Har pan arak arakanana ge lila keneh, alesan we…boa boa nek nguliwed siaki mah !” sinini curigeisen. ” Puguh meumpeung salse, jeung deui meungpeung alun alunna lowong keneh, bari sakalian nek nepungan cep Kendi nek ngaralat ukuran kaos nu dipesen, da sugan teh aki teh lintuh boro boro pesen ukuran XL bule, sihoreng teh ukuran S ge logor !”. ” Mangkana ari jadi jalma kudu ngukur kakujur !”. “ Heueuh..rarasaan teh ngora keneh,tapi najan casingna geus peot, ari ringtone-na mah,aki teh masih ngoncrang keneh, tahan banting deuih ngalawan abg lima aki teh sanggup keneh !”. ” Hmmh…jig jig kadituh ari nek indit mah ulah loba pancarakem !” ceuk sinini bari jebi. Gandeang siaki muru ka pipir nuju ka tempat cocoanana anu diparkir di gigireun paranje, gerung gerung nyelah harley davidsonna, ceklak ditaekan,knalpotna mulek ngaluarkeun aseup minuhan jalan anu kaliwatan. Diparapatan ngarandeg sakeudeung, terus rurat reret ka lebah gardu ronda paragi barudak ngumpul ngadon garigitaran. “Tuh geuning cep Kendi kabeneran pisan !” gerentes siaki bari muru gardu. “Akiii..ha wa yu aki ?” ceuk cep Kendi satengah ngagorowok. “Ari awak mah cageur cep…ngan kahayang loba keneh anu can kalakonan ieu teh !”. “Nya hoyong naon deui atuh ki, harta aki mah tos balatak, incu pon kitu deui, hoyong naon deui ?”. ” Lain kitu euy…pan nagara urang teh geus merdeka 58 taun lilana, tapi hasil tina kamerdekaan eta geuning can walatra,balukarna aya nu hayang pisah ti RIT,ahirna geuning papasean we jeung dulur sorangan, tah aki teh embung ningali nagri urang nu meunang hese cape ngarebut ti leungeun panjajah nepi kaayeuna ngan pakucrut wae, kieu kieu ge aki teh baheula ngilu barjoang najan modal ngan ukur bedil angin buatan Cipacing,tapi ku tangtara nipon mah aki teh dipikagimir !”. ” Percanten ari kitu tea mah…ari aki teh bade kamana ?” cep Kendi unggut unggutan dituntungan ku nanya ka siaki. ” Puguh aki teh ngahaja nek ka hidep bari sakalian JJS,tapi kaparengan papanggih didieu !”. “Aya peryogi naon kitu ?”. “Nek ngaralat pesenan kaos tea, tina XL ganti ku S leungeun pondok hiji, tah ditambah ukuran M lima siki mah !”. ” Nya nu limana kanggo saha ki ?”. ” Ssstt..tong tarik teuing bisi kadengeeun ku sinini…kamari teh dipengkolan jalan aya nu kulap kelep we ka aki, meh tereh ngagentewel nek dipahugi kaos itung itung kenang kenangan !” ” Ari sesana ?” “Sesana jeung mahugi oge, mun engke aya wanoja datang dina kongres..sakali deui omat ulah rea beja ka si nini…gawat !”. “Ari eta saha nu tukangeun aki…?” ceuk cep Kendi serengeh bari nunjuk kanu ngabedega bari mulak cangkeng. “Balik siah…aki aki tujuh mulud !” sinini kekerot bari ngajiwir ceuli siaki (SR).
Ceuk hayam
Hayam bikang balik isuk keketok ngabejaan baturna:”Ketok ket..ket ketok…yeuh kuring mawa duit sagepok, bati dilolowok, ku duda koplok…naha geuning kalahka colohok ?”. “Lain colohok tapi eta anderok aceuk, pahili sareng kolor duda koplok !”. “Baruk…kakara sidik geuning, ambuing ambuing pasti duda koplok make anderok kuring, heuheuy…rusuh tuh da, keur mah poek aya razia deuih !” ceuk hayam bikang balaham belehem eraeun. Hayam bikang keketok ngabejaan baturna : “Ketok..ket..ket..ketok…hariwang kuring mah..hariwang !”. “Hariwang ku naon ari aceuk ?” “Ieu budak mun geus gede bisi nanyakeun bapana !” “Har..ari aceuk ari siburintik lain bapana kitu ?” “Teuing atuh da, rupa budak teh geuning nyeples pisan siborontok.
Hape
Si Astahiam rada balaga lantaran ayeuna bogaeun HP, lain Hayam Pelung anu sok kongkorongok “putri diuk” wanci janari leutik atawa Hileud Peuteuy anu sok gegerepekan di jero pesak, tapi alat komukasi nu katelahna hand phone tea. Saprak boga alat eta kabogoh Astahiam sok ngarasa iri, lantaran leuwih satia ka si hape tibatan kamanehna, coba we ari si hape mah sok dibawa kamana mendi, nek jalan jalan ngilu, nek apel diajak, ka toilet ngilu, ari kabogohna can pernah diajak sakali kali acan bareng ka toilet. Kadua iri lantaran si hape mah unggal usik dirampa, saban waktu di pencet, ampir unggal jam antel kana biwir jeung kumis, ari kabogohna ngadago dago saban malem minggu hayang dicoo matak nyeuri beuheung sosonggeteun, kadang kala nyamos da bapana sok ngilu nimbrung maturan.
Sabalikna si Astahiam saprak boga sobat anyar nu ngarana si Hape leuwih loba koleksina, boh koleksi awewe atawa koleksi potona, da salian bisa SMS ( Sarana Mesen Singkat) oge bisa MMS ( Muta Moto Sasukana) teu keudeu aya nini nini keur nonggeng ge dijepret, komo ari keur naek angkot mah aya bujal ronghok dihareupeunana, pura pura we nek nga-sms padahal keur ngabidik sakadang bujal,lain agul cenah lamun manehna boga koleksi bujal aya ratusna timimiti ukuran S (Super) nepikeun ka ukuran SD ( Super Dosol)
Kamari basa kabogohna puncat pencet kana hapena rada tetelepek nanya ka si Astahiam lantaran dina phone bookna loba inisial. ” Saha ieu MJ ?” pokna teh, ku si Astahiam dijelaskeun yen eta teh baladna anu di Bandung, padahal nu saenyana MJ teh hiji ngaran wanoja anu karek tilu poe panggih tur langsung ngagentewel, wanoja blasteran sunda-india, akina asli ti India ari ninina tulen urang Gunung Syawal, jadi MJ teh tina Maylita Juhikaula. Jumaah kamari basa keur husu sujud dina rakaat kadua, manehna reuwas lantaran hapena kadenge disada bari jeung gegerepekan, cenah poho teu di-off-keun heula, padahal samemeh der jumaahan pangurus masjid geus ngoar ngoar sing saha nu boga alat komunikasi kudu dipaehan heula. Rengse uluk salam biasana si Astahiam teh sok langsung ngadekluk wirid tapi harita mah kedewek ngodok hapena. ” Oh si yayang…ada apa say ?” ceuk si Astahiam basa ningali dina hapena tembong ngaran MJ, bari terus ngoloyor kaluar muru sapatu anyarna bisi patukeur jeung batur. Peuting tadi basa keur jongjon ngalahun kabogohna kirining hapena disada. ” Halowww !” kabogohna anu narima,teuing kunaon sajeroning narima telepon teh tarangna jadi kerung, pipina jadi euceuy, terus kuraeud baeud nepikeun ka ditutupna oge tetep masih jamedud. ” Kunaon atuh yang..saha nu telepon teh?..mun tukang kiridit bejakeun we nomer telepon yang anda tuju mailbox silahkan tinggalkan pesan atau tutup telepon anda..tah bejakeun kitu paling paling nek nagih kiriditan panci kamari !” si Astahiam reuwas da teu ti sasarina kabogohna pasemona kitu. ” Lain tukang kiridit tapi MJ, saha atuh MJ teh ? Pajar jalu, naha geuning sorana halimpu? jeung ayana ge di Bombay…mun kitu mah teu sangka akang tega menghianati cinta kita…hmmh!” (SR).
Ngadodoho jodo
Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya pisan.Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna bet daekeun ka uing ? “Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !”kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot dina hate ahirna kanyahoan,sihoreng matak daekeun ge geuning neng Novie teh pangacakan batur. Hmmhh…. dasar nasib,rajeun meunang sikumpay ari pek teh geuning geus endogan. Lain raja tega tapi kapaksa, gelenceng tali pancingan anu kungsi nyangreud dihate neng Novie dipegatkeun, koleab koleab sikumpay nyoloyong kahilirkeun. Rob loba nu muru. Dina jero hate ngan ukur bisa ngagerentes “Pek tah saha nu hayang kabalejog deui !” Tujuh poe tiharita clom tali pancingan di epankeun deui,giriwil aya nu nyanggut,kulap kelep dulak delek beuki lila beuki sidik sugan teh si Laohan impor ari pek teh geuning nu nyanggut teh ngan ukur si jaer hideung. Pamikir teh lumayan hideung hideung ge da geuning hideung santen,kaparengan palebah rupana mah nurubcupu jeung uing….uing belewuk…neng Surti sijaer tea cakeutreuk..serasi lah..! Tapi edas…sugan teh epana cukup ku jenil baso,cilok atawa es teler, da geuning lamun ngajak jajan matak rangkebong eusi dompet. Lamun geus kitu sok langsung we ngahaleuang lagu “Balikin” anu sok dihariringkeun ku para slankers ” Mencintai kamu…bikin dompet gue kebobolan…balikin… oh… oh balikin !” Tilu poe hahadean jeung manehna awak geus ngorotan tilu kilo, begang lantaran mikiran pangabutuhna. Tibatan awak jadi begang,hutang raweuy, luluasan jemprung,tali pancingan anu nyangreud di biwir si Jaer hideung dipegatkeun deui. Koleab koleab si jaer matre ngoleab nuju kahilirkeun. Dina jero hate ngagerentes deui “Pek tah saha nu daek mulung!” Nepi ka ayeuna tali pancingan can wani ditaheunkeun deui,sieun keneh,ginggiapeun keneh,sieun deui manggih sikumpay endogan atawa bisi meunang
deui si jaer matre. Keun urang dodoho wae didieu, diluhureun golodog, sugan wae aya Siti Nurhaliza ngalanggkung atawa Bella Saphira ngaliwat. Da ceuk nini ge cenah jodo mah jorok, euweuh aturan yen nu geulis kudu jeung nu kasep,atawa nu goreng jeung nu goreng deui, ari geus jodona mah bisa wae uing ge meunangkeun nu geulis. Lamun seug Siti Nurhaliza kaparengan ngaliwat kadieu heug dulak delek ka uing terus maksa menta dicangcang ku uing atawa Bella Saphira kukulamprengan kadieu heug kulap kelep terus maksa menta dikawin ku uing, pasti batur teh gujrud bari sing kecewis deui ” Ngalamun teh tong kamalinaan teuing euy..bisi ngebul tah sirah !”(SR)
Lini Lokal
Si Oded karek umur tilu taun sarena masih ngagulung jeung indungna,hiji mangsa manehna nanya ka indungna. ” Ma…upami bapa uih nyaba kunaon sok kaleresan aya lini ?” ” Keur usum lini meureun !” jawab indungna pondok. ” Minggu kamari basa bapa kenging tilu dinten dilembur, eta lini meni noron kitu nya ma,wengi kahiji 5,5 skala ritcher, wengi kadua 6,5 skala ritcher, komo wengi katilu mah basa bapa enjingna bade nyaba deui, euleuh etah dugikeun ka 7,5 skala ritcher,sareng subuhna aya lini susulan langkung rongkah…hiih oded sieun aya lini deui ma…!”. ” Hayang teu diganggu lini deui…oded ?” ” Hoyong pisan ma…!” ” Tah engke lamun bapa hidep datang, sarena pindah dikamar sejen nyah!” “Oh mun kitu mah lini teh balad si bapa…hiih..sieun !” ceuk si oded bari bibirigidigan (SR)
Ojeg Setan
Wanci geus nunjukeun jam salapan peuting, bi Ijah gura giru balik lantaran mun kapeutingan susah angkutan umum. Mun seug lain tatanggana nu kacilakaan,hoream cenah besuk karumah sakit peuting peuting. Geus satengah jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat, hatena tambah tagiwur lantaran hujan ngadadak ngagebret gede pisan, kapaksa bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal asem. Untungna hujan teh lila lila ngorotan, Teu kungsi lila, duka timana jebulna ujug ujug aya motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa .
“Bade kana ojeg ?” pokna teh.
“Ieu teh ojeg…? Mangga atuh !” bi Ijah semu nu asa asa.
“Ka Raja Galuh mang !”
“Mangga ! jawabna pondok
Ditengah jalan lamunan bi Ijah kumalayang,ras inget ka carita bi Ocoh nu nyaritakeun,yen dilemburna keur gujrud aya ojeg kajajaden,ceuk beja eta ojeg teh ririwana tukang ojeg anu tiwas ditelasan ku penumpangna. Bulu punduk bi Ijah beuki kedeplik lantaran sakeudeung deui bakal ngaliwatan kuburan tukang ojeg anu sok ngaririwaan tea.
“Boa boa nu ditumpakan teh, ojeg..ojeg…hih !” bi Ijah ngagibrig, katambah ti kajauhan hawar hawar aya sora anjing babaung. Najan sapapanjang jalan dirungrung ku kakeueung, tapi teu burung nepi ka lembur. Reg ojeg eureun dihareupeun imah, bi Ijah gura guru turun,terus kurah koreh kana dompet nek mayar ongkos, ngan kaparengan euweuh receh, song ngasongkeun duit saratus ribuan salambar. Gap ditampanan ku tukang ojeg, biur tukang ojeg langsung mabur. Bi Ijah kontan ngagorowok.
“Ojeeeeeekkkk Seeeetaaaaannnnn !”
Soto Campur
“Mang soto hiji…campur..!” saur om Teddy ka tukang soto. ” Mangga den..!” waler tukang soto gura giru ngaladangan,sor diasongkeun ka si om Teddy,habeg dihimel semu nu nikmat pisan,ngan waktu nek ngahuapkeun soto panungtung,om Teddy ujug ujug bunceulik molotot kana mangkok,terus ngagorowok ka tukang soto. ” Sing baleg euy jualan soto teh….tah deleh aya laler hejoan..jeung deui ieu naon deuih bet aya kode buntut, aya kuntung roko deuih !” ceuk om Teddy bari kurah koreh kana mangkok soto.”Oh…tong bendu atuh den..namina ge soto campur,nya campur naon we sakapendakna.” walon tukang soto teu kireum kireum.
Papatah Si Aki
Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.
Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.
“A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !”
“Aduh punten..sakali deui punten !” ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.
“Teu sawios A…! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.
Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
“Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?”
“Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh ‘Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !’”
Kondektur
Kondektur kahot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah, digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan.
Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.
“Rek ka mana?” Mang Obing nanya.
“Ka Kadungora,” tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna, “Tujuh ratus, disaruakeun jeung ongkos ka Garut.”
“Ari Emang, naon ieu teh?”
“Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus,” tembal Mang Obing bari ngelemes.
Meuli Koran
“Cing pangmeulikeun Koran Harian Tarompet ka parapatan!” ceuk pa Duduh ka jongosna.
“Tawar wae ku maneh hargana mah, biasana sarebu perak oge dibikeun ari geus beurang kieu mah. Tapi bisi keukeuh kudu sarebu tujuh ratus mah
beuli wae. Tah, ieu duitna dua rebu.”
Teu kungsi lila jongosna geus norojol, terus masrahkeun koran ka pa Duduh. Pokna,
“Dipasihkeun ditawis sarebu teh, Gan. Anu mawi abdi tiasa meser dua.”
8 Pertanda jika si dia adalah Jodohmu
Dua manusia yang merasa saling berjodoh pasti memiliki ikatan emosional, spiritual dan fisik antara keduanya. Hanya dengan menatap mata atau mendengar suaranya, kita akan merasakan getaran dan seolah-olah ingin terus bersamanya. Benarkah seperti itu?
Lalu, apakah ada pertanda lainnya agar seseorang dapat merasakan bahwa si dia adalah jodoh(soulmate) kita atau bukan?
Pertanda 1
Rahasia sepasang kekasih agar dapat memiliki usia hubungan yang panjang adalah dengan adanya saling kerjasama. Kamu dan dia selalu dapat saling membantu, dalam urusan remeh atau besar. Paling penting adalah kamu berdua selalu dapat melalui segala aspek kehidupan secara bersama-sama. Dan semuanya terasa amat menyenangkan meskipun tanpa harus melibatkan orang lain. Apakah kamu sudah merasakan perkara tersebut? Jika ya,
SELAMAT…
karena ada harapan bahawa dia adalah calon pendamping hidup kamu!





