Archive for December, 2008

Lini Lokal

Si Oded karek umur tilu taun sarena masih ngagulung jeung indungna,hiji mangsa manehna nanya ka indungna. ” Ma…upami bapa uih nyaba kunaon sok kaleresan aya lini ?” ” Keur usum lini meureun !” jawab indungna pondok. ” Minggu kamari basa bapa kenging tilu dinten dilembur, eta lini meni noron kitu nya ma,wengi kahiji 5,5 skala ritcher, wengi kadua 6,5 skala ritcher, komo wengi katilu mah basa bapa enjingna bade nyaba deui, euleuh etah dugikeun ka 7,5 skala ritcher,sareng subuhna aya lini susulan langkung rongkah…hiih oded sieun aya lini deui ma…!”. ” Hayang teu diganggu lini deui…oded ?” ” Hoyong pisan ma…!” ” Tah engke lamun bapa hidep datang, sarena pindah dikamar sejen nyah!” “Oh mun kitu mah lini teh balad si bapa…hiih..sieun !” ceuk si oded bari bibirigidigan (SR)

Soto Campur

“Mang soto hiji…campur..!” saur om Teddy ka tukang soto. ” Mangga den..!” waler tukang soto gura giru ngaladangan,sor diasongkeun ka si om Teddy,habeg dihimel semu nu nikmat pisan,ngan waktu nek ngahuapkeun soto panungtung,om Teddy ujug ujug bunceulik molotot kana mangkok,terus ngagorowok ka tukang soto. ” Sing baleg euy jualan soto teh….tah deleh aya laler hejoan..jeung deui ieu naon deuih bet aya kode buntut, aya kuntung roko deuih !” ceuk om Teddy bari kurah koreh kana mangkok soto.”Oh…tong bendu atuh den..namina ge soto campur,nya campur naon we sakapendakna.” walon tukang soto teu kireum kireum.

Maling cocoan si aki

Bari nyingsatkeun sampingna sinini gura giru muru ka imah pa RT, nek laporan yen sinini peuting tas kapalingan. “Ni…ya naon nu kapalingan teh ?” tanya pa RT ka sinini. “Untung pa RT nu kapalingan teh ngan ukur cocoan siaki,padahal dihandapeun kasur emas batangan aya lima kilona, duit sapuluh gepok, surat surat penting, saham saham jeung deposito anu nilaina miliaran, nini ge ngarasa aneh naha nu dicokot teh ngan ukur cocoan siaki !”. “Naon nu dimaksud cocoan siaki teh nini ?” pa RT teu ngartieun. “Kieu geura dongengna,biasana si aki mun hees sok dimana wae goledagna aya di hareupeun hawu, aya dihareupeun goah, kadang kungsi dipakalungan domba, tah harita kaparengan tas nongton pilem bay watch,sigana teu karasa guher we siaki sare dihareupeun tivi,nini ampih kaenggon,kira kira jam tilu peuting di enggon aya nu gigilisiran, ari sugan teh siaki ngajak “heureuy” ku nini teh dianteup we ongkoh tiris deuih mun sorangan mah,kira kira geus satengah jam pagulei,aya nu ngagorowok…wangsaaat…! wangsaaaat..! nini reuwas pas disidikeun sihoreng geuning nu ngagorowok teh si aki,reuwaseun meureun waktu ngalilir panto hareup nyampak muka, nini oge beuki reuwas naha nu ngeukeupan nini ieu saha ? teu antapwarah jelepuk kunini ditajong…jengkang si wangsat teh ngajengkang,pas pisan kana jandela anu sorena poho can diselotkeun, gubrag ngagebut kaluar, terus beretek lumpat…tah kitu pa RT dongengna teh…!” “Jadi nini teh tas..tas…..!” “Sssst..tong rea beja…bisi kadengeeun ku siaki….gawat !” (SR)

Kerak Telor

Poe Salasa wanci jam dalapan peuting di jalan Benjamin Sueb, loba jalma ngagimbung ditrotoar jalan, sugan teh para slankers aya nu ribut, da dijero pameran harita teh keur manggung grup musik slengehan nyaeta Slank. Ari barang breh sihoreng anu keur diriung teh hiji tanggungan kerak telor ringsek lantaran digadil ku taksi langsung kabur, padahal jalan teh sakitu upluk aplakna naha bet surudak suruduk kagigir, slebor ! Digigireun tanggungan anu ringsek katingali keler wadah goreng bawang jeung surundeng ngajongkeng bari jeung kaayaanana peupeus, lampu tempel paragi nyaangan dagangan ngajengjehe,hawuna anu pinuh ku areng panas oge paburantak, sumawona ari endog mah tong boro digadil ku barang teuas dalah katoel ge kadang sok pre weh peupeus, cangkang jeung eusina ngampar kana jalan aspal.

Alhamdulillah ari nu jualana mah teu bocel bocel acan sarua jeung nasib jojodogna anu salamet teu ngilu kagadil. Mangkukna diwewengkon eta keneh, basa kuring keur nungguan kerak telor asak, bari ngageber parukuyan gede minangka hawuna, siamang ngomong yen manehna cenah asalna ti Bayongbong Garut, malah nu ngaderet gigireunana ge cenah masih keneh baturna tambahna deui bari terus nyamaraan kerak telor anu sakeudeung deui asak. Salian ti urang Batawi geuning aya baraya urang nu jualan kerak telor teh, padahal kadaharan eta ciri hasna betawi punya.

Sajeroning mencrong tanggungan anu ringsek hate mah ngagerentes boa boa baraya urang anu meunang musibah teh,dina hate mah kumejot hayang nanya, mun enya teh deudeuh teuing baraya urang jauh jauh nyaba ka Jakarta bet meunang musibah, dilemburna mah meureun geus diwawaas wae ku kulawargana, bapa sakeudeung deui bakal datang bari rebo kukasono riba ku babawaan, mawa buku anyar jeung sicikal hadiah naek kelas, mawa boneka jeung sibungsu anu karek alewoh bisa ngomong. Tapi nyatana geuning boro boro mawa nukitu ngubaran kareuwas ge sigana masih keneh can parat.

Bener ceuk batur ibukota teh leuwih kejem alahbatan ibutiri, buktina loba kasus nu kawas diluhur, lamun nabrak leuwih hade kabur daripada malire, da pamikirna lamun malire tarohanana nyawa, awak digebugan kandaraan dibeuleum, kadang sok dibeuleum jeung jalma jalmana. Duh nya hukum teh aya dimana atuh ? maenya hukum jalanan anu berlaku.

Keom Katilu

” Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen stip !” ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.

” Naha kitu ?” tanya Onih semu nu heran

” Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang Odoy Surodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!”

” Naon hubungan apel jeung lipen stip ?” tanya Onih bari kerung

” Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !”

” Tomi ngak gituh !” Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi.

” Nya meureun kabogoh maneh mah kurang romantis !”

” Ceuk saha euy…puguh pang romantisna sadunya..tuh tingali diburuan imah uing kembang ngabugbrug, eta teh kiriman kang Tomi bisi teu nyaho mah

!” Onih ngadadak kuraeud baeud

” Ari ayeuna keur bulan puasa masih keneh sok susar sosor kitu ?” sambungna deui

” Ih..puguh geus dibejakeun, ari bulan puasa mah teu pati teuing, jadi lipen stipna oge awet !”

” Ari eta geuning make meuli dua losin sagala, jeung saha ?”

” Puguh sasayagian jang engke tas lebaran !” (SR)

Keom Kadua

Tante Genjréng dikomplekna katelah ratu gosip, unggal poe teu eureun ngomongkeun batur, tapi saprak bulan puasa kabiasaan eta mimiti ngurangan, lantaran lamun nek ngagosip cenah sok inget kapiwurukna ustad Jali, ulah sok ngomongkeun batur, pamali cenah jeung deui bakal ruksak pahala puasana.

Enya we, basa aya acara arisan diimahna ibu Edoh, manehna teu ngomongkeun batur, tapi kalahka ngomong kieu.

” Eh..ibu ibu…tos tarerang teu..bejana genderewo kaperegok bobogohan jeung kuntilanak nepi kasubuh, malahan cenah ayeuna kuntilanak teh geus ngandeg tilu bulan, padahal genderewo teh kanyahoan geus buntutan, karunya nya kuntilanak diculeoskeun !”

Keom Kahiji

Pa  Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa’ Wahyu kabagean ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru gandeang pa’ Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.

” Selamat pagi anak anak !” ceuk pa’ Wahyu basa lol ti lawang panto.

” Pagiiiiii….paaaaaak !” jawab murid meni reang.

” Samemeh neruskeun palajaran bapa nek mere wejangan heula ka haridep, sakumaha anu geus kauninga sakumna umat Islam ayeuna keur ngajalankeun ibadah puasa, puasa teh salahsahijina ngalatih kadisiplinan, jadi timimiti poe ieu masalah kadisiplinan kudu ditingkatkeun, utamana lamun keur dijero kelas,ulah ngobrol lamun bapa keur nerangkeun kitu deui anu marawa hape kudu di-off-keun heula, sabab bisa ngaganggu katenangan diajar, saha wae anu ngalanggar paraturan ieu bakal dibere sangsi, ngartoooss ?!” ceuk pa’ Wahyu bari nyiapkeun bahan palajaran ” Sangsina naon pa ?” tanya Oneng sorana halimpu, ma’lum bentangna kelas eta.

Read the rest of this entry »

Flat Face!

Hallo Again folks!!!

CO.CC:Free Domain