Archive for the ‘Bobodoran’ Category
Nanya Pasen
Nanya Pasen
Dokter: “Maneh sok sabaraha kali mandi?”
Pasien 3 : “Tilu kali pak!”
Dokter: “Hah………iraha bae?”
Pasien 1: “Kamari, isukan, pageto,”
Dokter: “Ari ayeuna?”
Pasien 3 : “Ayeuna mah saptu atuh pa dokter….”
Dokter pingsan.
Salah Ngajalankeun Tugas
Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina. Juragan Istri :”Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !”.
Juragan Oded : “Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)
Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”
Juragan Oded : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh :”Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu
Ngabodor Deui
Euis Jeung Asep
Cik….rek kumaha lamun baraya jadi ASEP terus EUIS bebene ASEP anu rada mahiwal nyarita jiga kieu :
Tong bendu,!.kang ASEP !..Sanajan urang sami-sami mikanyaah, EUIS micinta kang ASEP,! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain EUIS teu nyaah !.Tapi …tali paranti karuhun…kang !.Mangga reungeukeun ! Di kulawedet EUIS mah gulangkep, geura EMANG nikah jeung BIBI, AKI ngadahup ka NINI atuh kitu deui BAPA apan nikah ka EMA ! ari kang ASEP apan…lain baraya EUIS! Hampura kang ASEP !.EUIS..hampura!
Sosonoan
Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali
” Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??” Tanya kang Panzi
” Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf ‘S’ contona Senen, Salasa jeung Saptu,” jawab dokter.
Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
“Malem naon ieu teh kang?”
” Malem SUM’AT.Sssttt!!” tembal kang Panzi bari nyenghel
Bandar Tarasi
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana.Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
“Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???” ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : “Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten”.
Gelo
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
“Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?”
“Kumaha jalmina?”
“Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!”
“Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?”
“Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!”
Ngajawab Soal ujian
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make implik-implik kieu: Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.
Ngabodor Yu!
Jalma nu teu Beunang Dideukeutan
- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu
- Jalma nu sok sare handapeun gilinding setum
- Jalma nu sok kiih di paimaran masjid
- Jalma nu sok mandi ku cai limun (Kintunan ti : Kang Sarabunis – Tasikmalaya)
Tujuh Rupa nu Dipahing Pisan
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere nginum ka khotib nu keur hutbah (Kintunan ti : Kang Sarabunis – Tasikmalaya)
Di Sakola
“Do you understand?”,ceuk ibu guru basa inggris SMU, ngora keneh, geulis deuih.
“yes, I stand under you”, ceuk murid nu pangkasepna sakelas
“???!!!!….” ibu guru
Hujan
“hujaan! hujaan!…jaitan popoean…!” Kang Opix ngagorowok ka kang Syam
Ridwan ku keur uplek maen gapleh jeung balad2na, si Barud, si Jalak, si
Sir, Si Rah. si barud, si jalak, Si Sir, Si Rah, gura-giru kaluar imah, rek nyaitan popoean.
“kade poho, kenteng oge jait, bisi kahujanan..” ceuk kang Syam hariweusweus.
Balikeun
“Pang malikeun MAGRIB”
“BIRGAM”
“Salah!”
“Subuh”
“Salah!”
“GAMBIR”
“Naha Gambir???”
“MAG, balikeun sok!”
“GAM”
“ayeuna RIB”
“BIR”
“Jadi?”
“GAMBIR, heueuh nya…!”
Budak Jeung Emana
Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : ” Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?”
Emana : ” Salapan bulan salapan poé !”
Budak : ” Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?”
Emana : ” Tilu taun !”
Budak : ” Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?”
Emana : ” Tilu taun ogé !”
Budak : ” Jadi nu salapan bulan salapan dinténna…?”(tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : ” Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah !” ( rada gugup)
Budak : ” Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu !”
Emana : ” Geus ah tong loba tatanya, Pamali!” ( bari ngaléos indit ) (SR)
Tukang Kai
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : ” Hey…kunaon maneh ceurik?”
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , ” Sugan nu ieu
Bobodoran Heula…
Jamu Sinini
Waktu asup ka kamar mandi anu ngahiji jeung sumur, siaki walahwah weuleuhweuh ngageroan sinin. ” Niniiiiiiiiii…..tingali geura geuning biwir sumur ngegel timbaan !” ceuk siaki reuwas. “Tong gujrud aki….puguh tadi teh jamu sari rapet nini tikecemplung kasumur !” jawab sinini bari keom.
Tu in Wan
Tukang jeruk : Jeruk jareruk..jareruuuuuk, mangga nu bade…. jeruk Garut asli asak tina tangkalna sanes asak karbitan, dijamin keueut !
Tukang Tahu : Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu, mangga nu bade…tahu Sumedang asli, curintik,karek nyat..dijamin pelem !
Odoy : (bari culang cileng ) Jeruk kabita hayang ngasaan, ningali tahu komo kumerot, ngan edas mun meuli dua dua teu boga jeung ongkos balik, ke.. ke…ari ieu tukang naon titatadi teu nawar nawarkeun, mang ieu icalan naon ?
Siamang : Tahu rasa jeruk jang !
Odoy : Oh kaleresan atuh abdi meser sabongsang (SR)
Tanda Cinta
Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung jajaka keur bobogohan ,naek motor ngebut pisan.
Mojang : “ Lalaunan atuh, kang… sieun ti gubrag !”
Jajaka : “ Moal atuh nyi, cobi geura nangkeup sing pageuh”
Mojang : “ Pan ieu ge tos pageuh, Kang !”
Jajaka : “ Heug ayeuna bade lalaunan, tapi waler patarosan akang !”
Mojang : “ Naon tea kang ?”
Jajaka : “ Naha leres nyai teh cinta ka akang ?”
Mojang : “ Saksina bumi sareng langit, abdi teh cinta pisan ka akang”
Jajaka : “ Naon buktosna ?”
Mojang : “ Cobi geura buka heula helemna, teras ngalieuk heula kapengker sakedap!”
Jajaka : ( bari ngalieuk katukang ) Naon buktosna ?”
Mojang : “ Ieu kang……muaaaaahhhh !”
Jajaka : ( gugurubugan )
Isukna aya beja yen dipengkolan jalan aya motor nabrak gawir, nu numpakna saurang awewe tur jeding biwirna jeung saurang lalaki sirahna buncunur tur beungeutna lamedong ku gincu.
Laohan
Odoy : Geuning mahal mahal teuing harga lauk teh.
Tukang lauk : Pan lain sambarangan lauk, ieu lauk laohan anu awakna aya aksaraan, hurup hiragana lamun dihijikeun jeung lauk jalu sok dibeberik.
Odoy : Ya naon aksarana da uing mah teu ngarti ?
Tukang lauk : Wo Ai Ni
Odoy : Ari nu ieu mahal oge ?
Tukang lauk : Komo eta mah geus aya bandrolan dina awakna USD.1000,-
Setruk
Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
” Yang….kade hilap setrukna !” padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
” Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !” Pokna rada teugeug
” Sabar atuh kang !” tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
” Kang ieu katuanganana diculkeun wae !”
” Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !”
” Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?” ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
” Eh..muhun pa…abdi butuh pisan…naha bapa kagungan kitu ?”
” Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !” (SR)
(Kang Syam Ridwan)
Bau jengkol
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
” Nyi…nyi urang sunda nya ?” ceuk sinini bari melong anteb.
” Mu..mu..muhun!” tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..
” Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !” Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.
” Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?”
” Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !”
(Kang Syam Ridwan)
Raja Copet
Disalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
” Mangga kang…ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !” ceuk tukang dompet.
” Aya model sejen ?”
” Sadayana ge sami kang…model anti copet..ngan nu benten teh rantena panginten…aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !”
” Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !” ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
” Maksad akang ?”
” Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?”
” Sae atuh kang, meh aman !”
” Sae sae tai pedut…buktina panghasilan dewek ngurangan !”
” Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?”
“Lain !”
” Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?”
” Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !”
Bobodoran ateuh 2…
Kadaharan Paling Haram
Ali : “Kadaharan naon nu haram?”
Adun : “Babi..!”
Ali : “Nu leuwih haram deui?”
Adun : “Babi nu ngandung babi deui.”
Ali : ” Nu pangharamna?”
Adun embung eleh : ” Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah…!”
Laknat
adun: “pagawean naon anu dilaknat ku Allah?”
danu: “ngarogahala!”
adun: “ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?”
danu: “ngarogahala anak setan!”
Smary Saklitinov
Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna. Bu guru katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan di murid nu boga ngaran aneh eta.
Guru : “Smary Saklitnov, cik kadieu!”
Murid : “Ya, bu, abdi”
Guru : “Kadieu, maneh turunan Yugoslavia, nya?”
Murid : “Sanes, bu!”
Guru : “Eropoa Wetan? Polandia?”
Murid :”Sanes…”
Guru : “Naha atuh ea ngaran maneh Smary Saklitnove?
Murid : ” Ooh..eta. Smary teh singketan ti nami bapa (S)urtono sareng ibu (Mary)anti.”
Guru : “Mmmm…ari Saklitnov?”
Murid : “Sabtu Kliwon Tujuh November.”
Do…
Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna “Dojang”
Ibu Guru :” Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?”
Dojang :” Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik”
Ibu Guru :” Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?”
Dojang :” Dosep, Bu”
Ibu Guru :” Ari indung maneh saha?”
Dojang :” Doneng, Bu
Ibu Guru :” Lanceuk-lanceuk?”
Dojang :” Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu”
Ibu Guru :” Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?”
Dojang : ” Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa”.
Bodoran ateuh…
Lilin Dina Geulas
Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid : Pak, sim kuring gaduh patarosan
Guru : Naon?
Murid : Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?”
Guru : Teu aya hawa dina geulas
Murud : Salah, Pa.
Guru : Naon atuh?
Murid : Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
Dibungkus
Di toko bahan bangunan
Asep : Cik punten meser paku sakilo
Pelayan : dibungkus?
Asep : Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)
Pelayan : &^%*#$
Mabok di Tengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
“Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh….!” ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
“Maneh nu tolol mah,”bales nu mabok. “Sakitu ngebut, nabrak teu keuna….”
Di warung Kopi
Adun : “mang kopi susu hiji!”
Emod : “make es teu?”
Adun : “nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu”
Kudu aya S-an
Heuheu… jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus.
Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring
nu nyieun soalna.
“Gambarkeun struktur asam amino glisin!” ceuk uing teh.
“Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!” ceuk uing deui
nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.
Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh.
“Nya heueuh atuh!” ceuk praktikan nu urang Sunda teh.
Da memang najan glisin teu boga unsur “S” (sulfur, walirang) na wangunan
molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya “s”-an.
22M
Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum. Manggihan mumi di hiji
kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
Ade : ” 22M eta maksudna naonnya?”
Aa : ” Sigana nomer mobil nu nabrakna baheula….”
Dina Rangka Pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di
ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan
konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun
Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu.
(bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: Jang Naon Bro ?
Ibro : Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya,
ku urang dijawab “Papa baru pulang sekolah di ITB”
(kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun : Lamun anak maneh nanya “pah ITB teh apa ?”
Ibro : Institut Teknologi Bandung.
Adun : Lamun anak manek nanya “Kalo Institut Apa ?”
Ibro: Institut……nya institut….!. Ari ceuk
maneh naon..? (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun : Piraku poho? pan aya laguna..
Ibro: Kumahaaaa …..?( panasaran)
Adun : Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu
ngambeu.
Ibro : Gelo sia mah, kakolot teh. (bari indit)
Adun : Bae ahh..
Cara Nyait tina Balai Sorangan
Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen.
Kusabab rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana sawah.
Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi kana lebah cangkeng manehna.
Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan, jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan.
Gogorowokan ka ditu ka dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film buruan… mah).
Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah. Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana hiji papagon (”resep”) nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus) tilelep dina taneuh belok.
Prak bae dicobaan, kieu carana teh: “Motor didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy bae gegerenyeman ngadu’a jeung nguatkeun tekad.
Teu katinggaleun koncina eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk ditarik ka beulah luhur”.
Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak manehna katut motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak.
Teu percanten nya, baraya? namina oge rahul. Kade ulah dicobian “resep”-na.
Toke
Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.
Toke : Tokeeeeeee !
Aslam : Nyandung !
Toke : Tokeeeeee! (kawas nu nembalan )
Aslam : Ulah !
Toke : Tokeeeeee!
Aslam : Nyandung ! ( bari seuri )
Toke : Tokeeeeee!
Aslam : Ulah ! ( semu baeud )
Sajongjongan toke teh teu disada deui, Aslam kekerot, kahayangna mah toke teh disada deui
sakali,cukup sakali wae. Tapi ditungguan mangjam jam
weleh teu disada. Beledag panto imah ditajong. Teu dinyana dibalik panto asa sora. ” Tokeeeeeee!”
Aslam atoh langsung nembalan ” Nyan…nyan…!”
Can acan parat ngomong, nu dibalik panto norojol pok ngomong ” Nyandung jeung saha siah !” ceuk pamajikanana bari ngajiwir ceuli Aslam. (SR)
Hipu
Jang Ibro mimiti masantren. manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. atuh rada bingung. nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.
“Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?”
“Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak…”jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.
“Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?”
“Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap…”
Salah Ngerjakeun Tugas
Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :”Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !”.
Juragan Oded : “Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu
gagebay)
Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”
Juragan Oded : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh :”Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu !”
Bandar Tarasi
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana.Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
“Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???” ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : “Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten”.
Politisi Jujur
Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk. Dina sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu kareret ku saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga nu ambek terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu digugu lantaran dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di halte anu jauh tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah ngagorowok.
Politisi : ” Nanaonan ieu teh ?” ( semu ngagidir)
Jumad : ” Matak kieu ge supados masarakat terang, sareng dina waktosna nyolok teu lepat milih !”
Politisi : ” Tapi kudu kumplit atuh nyatetna !” ( rada leuleuy )
Jumad : ” Maksad bapa ?”
Politisi : ” Kieu kieu ge pan dewek teh politisi oge euy !”
Jumad : ” Muhun pan nu dicatet didieu teh politisi busuk wungkul !”
Politisi : ” Ih ari maneh asa belegug belegug teuing…dewek can kacatet didinya!”
Ngagambar Jurig
Dihiji tempat angker tim “gerayangan” keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.
Tim : ” Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?”
Mbah Rewok : ” Kuntilanak !”
Tim : ” Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?”
Mbah Rewok : ” Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !”
Tim : ” Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?”
Mbah Rewok : ” Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah.
Tim : ?!@#





